Sabtu, 12 Oktober 2019

CARA MEMBUAT DONAT

NAMA:GHANEVE CAHANIAGO WIJAYA
KELAS;9G
 
SALAM TEPANG SARENG GANEP

Donat kentang kepang.

Bahan:

Bahan A:
- 500 tipung protéin luhur gr
- 50 gr bubuk susu
- 100 gula gula
- 11 gram kapang
- 200 gram kentang kukus, puree sareng kulkas
- 75 gr tina mentega
- 1/2 uyah séndok téh
- 4 endog yolks
- 100 ml cai tiis

Bahan B:
- 80 gr tina mentega
- 1/2 uyah séndok téh

Kumaha cara ngadamel:
- Campur tipung, gula, susu susu, sareng nyampur ragi. Tambihkeun kentang lemes, yolks endog sareng susu tiis dugi ka rata sareng satengah lancar
- Lebetkeun mentega sareng uyah, balikan dugi ka mulus elastis. Cikan nangtung 15 menit
- Kanggo adonan 45 gram masing-masing, raris adonan, dibagi jadi 3 sisi teras ngabentuk braids. Candak nangtung sakitar 20 menit. Nyiapkeun panci, tuang minyak. Hurungkeun kompor langkung panas di sedeng condong
- Candak adonan teras tumis 1 sisi dugi ka coklat teras hurungkeun sareng angkat. Kantun kéngingkeun éta ku agrar teu nyerep seueur minyak
- Seueur, tabél sareng gula sareng siap diladénan.






                                                

Rabu, 09 Oktober 2019

SAKADANG MAUNG JAUN SAKADANG BAG*NG*

NAMA;GHANEVE CAHANIAGO WIJAYA
KELAS :9G

Kacaritakeun di hiji leuweung ganggong simagongong, aya bagong keur anakan. Eta bagong teh keur huleng jentul wae bangun ngemu kabingung. Pangna kitu lantaran poe eta manehna kudu nedunan jangji ka Sakadang Maung, nyaeta masrahkeun anakna. 
Hiji waktu manehna kungsi dikerekeb ku Sakadang Maung. Harita Sakadang Bagong ceurik. “Sing karunya bae ka kuring, Sakadang Maung! Kuring teh geus kolot, dagingna oge tangtu nya liat nya kelang. 
Kieu bae, engke lamun anak kuring geus lahir, ku kuring rek dibikeun ka andika. Tangtu dagingna empuk tur pelem.” Ngadenge caritaan Sakadang Bagong kitu, Sakadang maung teh teu tulus ngerekeb. Hiji waktu manehna rek datang deui, nagih jangji. 
Nya harita, waktu Sakadang Bagong geus anakan, manehna kudu nyumponan jangjina. Tapi piraku aing rek tega mikeun anak ka Sakadang Maung? Kumaha akalna sangkan anak aing teu tulus dihakan? Sakadang Bagong terus uleng mikir, neangan piakaleun. 
Keur kitu aya Sakadang Peucang nyampeurkeun. “Ku naon andika bet kawas nu keur bingung kacida, Sakadang Bagong?” Sakadang Peucang nanya. Gorolang Sakadang Bagong nyaritakeun ku naon pangna manehna baluweng poek pipikiran. 
Sakadang Peucang ngahuleng sakedapan. Teu lila pok nyarita: “Euh gampang atuh ari kitu mah. Andika ulah hariwang, keun kumaha kuring bae. Urang neangan akal sangkan anak Ki Silah salamet tina panandasa Sakadang Maung. Dagoan heula di dieu, kuring rek neangan Sakadang Landak!” 
Sakadang Peucang ngaleos. Teu lila oge geus ngurunyung deui dibarengan ku Sakadang Landak. Manehna terus ngajak indit ka hiji guha.
Tepi ka guha nu dituju, sakadang Peucang metakeun akalna. Sakadang Landak kudu asup ka jero guha, ngaringkuk di nu rada poek.  
Buluna anu kawas cucuk teh kudu dipuridingkeun. Sakadang Bagong kudu cicing di lawang guha, ngabageakeun Sakadang Maung lamun engke ngurunyung. Ari manehna kadua anak Sakadang Bagong rek nyarumput di nu buni. 
Teu lila Sakadang Maung geus rentang-rentang datang. Ti kajauhan oge geus ngagerem, nyingsieunan Sakadang Bagong. “Mana anak sampean teh, Sakadang Bagong?” cek Sakadang Maung bari jungang-jengong. 
Sakadang Bagong antare nembalan: “Tuh, di jero guha. Tah geuning katenjo ti dieu oge, ngaringkuk di juru. Pek ayeuna kuring masrahkeun, nedunan jangji ka andika. Didaharna ulah dilila-lila, teureuy bae sakaligus, sing ulah kadenge ceurikna. 
Jig geura sampeurkeun, kuring rek indit heula, teu kaduga nenjona.” Sakadang Maung nenjo rarat-reret ka jero guha. Enya bae katenjoeun aya nu ngaringkuk di juru. Awahing ku atoh bari teu kuat hayang geura ngerekeb, gabrug bae nu ngaringkuk teh dirontok, disamualkeun. 
Puguh bae cucuk landak teh rungseb manggang sungutna. Sakadang Maung gegerungan, sungutna baloboran getih. Diutah-utah oge landak teh teu daekeun kaluar, da cucukna naranceb pageuh pisan. Antukna Sakadang Maung teh paeh. Sakadang Landak ngurumuy kaluar tina sungutna. 
Sakadang Bagong kacida bungaheunana. Anakna salamet. Manehna nganuhunkeun pisan ka Sakadang Peucang anu geus mere pitulung ka dirina. Kitu deui ku Sakadang Landak oge manehna kahutangan budi. Sakadang Peucang jeung Sakadang Landak tuluy arindit deui ninggalkeun Sakadang Bagong.

Sabtu, 05 Oktober 2019

assslamualaikum wrb.sampura para sadayan

wilujeng sumping ka blog abdi tepangkeun nami abi ghaneve cahaniyago wijaya kelas 9g abdi ngadamel ie mebis sereng rerecanggan bisa nyien carita karyan